:

2 Raja-raja 24

1

Sanggeus Yoyakim jadi raja, nagara Yuda ditempuh ku Raja Nebukadnesar ti Babul. Yoyakim taluk terus ngawula meunang tilu taun tuluy mungkir, baha ka Nebukadnesar.

2

PANGERAN ka Yoyakim ngadatangkeun gorombolan-gorombolan urang Babul, urang Siria, urang Moab, jeung Amon, marawa pakarang sina ngagempur Yuda, sakumaha timbalana-Na anu diandikakeun ka para nabi, abdi-abdi-Na.

3

Pang kitu teh sabab PANGERAN geus ngandika baris nyingkirkeun urang Yuda ti payuneuna-Na, temahna tina dosa Raja Menase,

4

pangpangna ku sabab eta raja geus maehan mangpirang-pirang rahayat anu teu salah. Kajahatan Menase anu ieu ku PANGERAN teu dipaparin ampun.

5

Hal Raja Yoyakim salian ti eta kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.

6

Sanggeus Yoyakim pupus tuluy diganti ku Yoyakin, putrana.

7

Ari raja Mesir sabaladna geus tara budal deui ti nagarana, lantaran tanah-tanah bawahan Mesir ti semet Walungan Eprat nepi ka wates tanah Mesir beulah kaler geus aya dina cangkingan raja Babul.

8

Yoyakin mimiti jadi raja Yuda dina yuswa dalapan belas taun, calikna di Yerusalem, marentahna tilu bulan. Jenengan ibuna Nehusta binti Elnatan ti Yerusalem.

9

Kalakuan Yoyakin nirca ti PANGERAN cara ramana.

10

Waktu anjeunna ngaheuyeuk, datang perwira-perwira Raja Nebukadnesar sabaladna ti Babul narajang Yerusalem; Yerusalem dikepung.

11

Sabot baladna keur ngepung, Nebukadnesar ku anjeun sumping ka Yerusalem.

12

Raja Yoyakin katut ibuna, putra-putrana, para kapala balad jeung para gegeden karaton ahirna serah bongkokan ka urang Babul. Dina taun kadalapan Nebukadnesar jumeneng raja, Yoyakin ku Nebukadnesar ditangkep, diasupkeun ka panjara.

13

Rajabrana Bait Allah jeung rajabrana karaton kabeh diakut ka Babul. Kabeh paparabotan emas anu dipidamel ku Raja Suleman pikeun Bait Allah, ku Nebukadnesar diruksak, bukti sakumaha timbalan PANGERAN bareto.

14

Urang Yerusalem katut para pangagung karajaan jeung para pamingpin, ku Nebukadnesar diakut ka Babul dijieun boyongan, kabehna aya sapuluh rebu urang. Jalma-jalma patukangan oge, ka panday-panday beusi kabeh dikerid. Anu dikarikeun di Yuda ngan jalma-jalma anu pangmariskinna.

15

Yoyakin oge ku Nebukadnesar diboyong ka Babul katut ibuna, garwa-garwana, mantri-mantrina jeung pamingpin-pamingpin lianna ti Yuda.

16

Jalma-jalma anu parenting ku Nebukadnesar kabeh dikerid ka Babul, kabehna aya tujuh rebu urang. Jalma-jalma patukangan, kaasup panday beusi, eta ge diakut kabehna aya sarebu urang, pangawakanana kabeh harade, surup jaradi prajurit.

17

Ari nagara Yuda ku Nebukadnesar sina dirajaan ku Matanya, kapiramana Yoyakin, anu jenenganana ku Nebukadnesar dilandi jadi Sidkia.

18

Sidkia mimiti jadi raja nagara Yuda dina yuswa dua puluh hiji taun, calikna di Yerusalem, marentahna sabelas taun. Jenengan ibuna Hamutal binti Yermia ti Libna.

19

Lampah Sidkia nirca ti PANGERAN sakumaha Raja Yoyakim.

20

PANGERAN kacida benduna, nepi ka urang Yerusalem jeung Yuda ku Mantenna disingkirkeun ti payuneuna-Na.

Link: